Sabtu, 12 Desember 2009

DESA CISAMPIH CALON DESA PERADABAN

Desa Cisampih, Kacamatan Dawuan teh ngarupakeun salah sahiji desa calon Desa Peradaban di Kabupaten Subang. Desa-desa sejenna nu dicalonkeun sabage desa peradaban di Kabupaten Subang nyaeta : Desa Cicadas, Bongas, Gunungsari, jeung Desa Rancamanggung.
Tumali jeung hal kasebut, desa-desa tadi, kiwari keur dibina ku Badan Pemberdayaan Masarakat dan KB (BPM-KB) Kabupaten Subang. Kitu dibejakeun Kasubbag TU-UPT Dinas Kominfo wilayah Subang, Jajang Harli, S.Sos ka Radio Benpas, ngaliwatan SMS-na.
Beja sejenna ti Kang Harli nu oge sabage wartawan Radio Benpas, ngeunaan persiapan nanghareupan pelaksanaan jumbara PMI. Camat Dawuan, Tatang Supriatna nu dibarengan Sekmat, Dasim Santoso sarta Kepala Desa Cisampih, Abun S. kiwari keur ngayakeun survey atawa paniten pikeun ngatur panempatan sagala pangabutuh jumbara. Ceuk beja, jumbara PMI kasebut baris dilaksanakeun dina tanggal 20 nepi ka 22 Nopember 2009 di lapangan olah raga Cinangling, Desa Cisampih.
Saeutikna sarebu urang baris jadi pamilon eta kagiatan. Hal-hal nu disiapkeun tumali jeung kagiatan kasebut di antarna ngatur panempatan tenda, tenpat parkir, MCK jeung tempat atawa lokasi kagiatan bakti jumbara.Kitu ceuk beja ti Kang Harli, S.Sos keur Radio Benpas.

( jajangharyas@yahoo.co.id – jajangharlisos-ksbtu-uptdiskominfo-sbg, 6 Nopember 2009)
(download pdf)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar